Contoh Sambutan Panitia Hari Kemerdekaan dalam Bahasa Sunda


Assalamualaikum. Wr. Wb
Bismilahhirohmanirrohim, alhamdulillahirobbil alamin,
Puji sinareng syukur urang sami-sami panjatkeun ka illahi rabbi, anu parantos maparin nikmat sareng hidayahna ka urang sadayana, shalawat sinareng salam mugia dilimpahkn ka junjunan alam kanjeng nabi muhammad saw, kulawargi katut para sahabatna, nu mudah-mudahan akhirna dugi kaurang sadaya salaku umatna.
Bapak kepala Desa anu ku sim kuring dipihormat, Para tamu undangan anu ku sim kuring di pihormat, teu hilap ka  para wargi anu sami hadir di ieu patempatan anu ku sim kuring dipihormat, mugia sayana kengeng kamulyaan nu sasae-saena mungguh allah SWT.
Langkung tipayun simkuring neda dihapunten tina samudaya kalepatan sareng kumawantunna simkuring nyarios di ieu patempatan. Hapunten sateuacanna bilih aya ucap sareng lampah simkuring nu teu sapagodos sareng kahoyong sadayana. Bilih aya cariosan nu kirang mernah margi sim kuring sanes ahli bahasa.
Bapak-bapak, ibu-ibu anu di mulyakeun ku allah, simkuring ngadeg di ieu patempatan seja ngadugikan sababrupi hal ngeunaan lumangsungna ieu acara. Sapertos kauninga ku sadayana, ieu acara teu acan tangtos tiasa lumangsung saupami tanpa aya perencanaan sareng dukungan tisadayana. Kumargi eta dina waktos nu mulya ieu sim kuring seja ngadugikeun “laporan pertanggung jawaban” sim kuring salaku panitia penyelenggara peringatan poe kamerdekaan.
Bapak-bapak, ibu-ibu nu dipihormat, acara peringatan poe kamerdeakaan tiasa janten terselenggara kalayan sukses berkat dukungan ti sadayana, boh moriil atanapi materilna. Peryogi kauninga ku sadayana acara ieu nyeepkeun biayana nu cukup ageung diantawisna,

A.      Biaya sound system                     Rp. 200.000
B.      Dekorasi                                       Rp. 100.000
C.      Transportasi                                Rp. 50.000
D.      Mubaligh                                     Rp. 300.000
E.       Konsumsi                                   Rp. 350.000
F.       Administrasi                                Rp. 100.000
G.     Lain lain                                       Rp. 200.000  +
Jumlah                                                Rp. 1.300.000
Samentawis dana nu tiasa dikumpulkn kanggo nutupan kaperyogian tadi nyaeta ti :
A.      Iuran palawargi sadayana           Rp. 500.000
B.      Bantuan kepala Desa                  Rp. 200.000
C.      Bantuan ketua RT                       Rp. 300.000
D.      Para donatur                               Rp. 300.000   +
Jumlah                                                Rp. 1.300.000

Syukur alhamdulillah sim kuring muji ka illahhirobbi tina rahmat nu dipasihkeun ku mantenna.
Jalaran ti eta, atas nami ketua panitia penyenggaraan peringatan poe kamerdekaan, sim kuring ngahaturkn nuhun tina sagala rupi kasaean ti bapak-bapak, ibu-ibu nu teu tiasa disebatan namina sewang-sewangan. Mugia Allah SWT masihan berkah sareng rohmat ka sadayana.
Rupina sakadar laporan ti sim kuring dicekapkeun sakieu, bobo sapanon carang sapapan langkung saur bahe carek, boh bilih aya kecap nu teu kaungang-ungang kalimat anu teu mernah, mugia bapak sinareng ibu tiasa ngahapunten.

Wa Billahi taufik wal hidayah, Wasssalamu alaikum Wr. Wb.